Jumat, Oktober 30, 2009

BANYOL Urang Sunda

SALAH SANGKA
Hiji carita anu datangna ti pilemburan, anu teu can kabagean listrik, nu masih keneh ku cempor (lampu teplok tea)...
Di hiji imah anu nenggang .... aya hiji keluarga, putrana dua katut Nini da Akina duka teuing kamana...
Salakina karek pisan datang di pangumbaraan, keluarga pada-pada mikasono... pon kitu deui garwana kalintang bungahna...
Dina hiji peuting anu jempling... maklum pada-pada sono, lampu ge teu di seungeut.
Biasa anu pada-pada sono ....
Si Bapana nyarita :
- Jang, nyai, geus sarare acan....
+ teu acan Bapa
- Ma, geuning barudak teh can sare..
Kitu-kitu jeung kitu ampir 3 peuting, budakna di tanya ku Indung Bapana
Isukna barudak nyarita ka nini-na
+ Nini kunaon si Ema jeung si Bapa unggal peuting ngan naros geus sare acan?
- Peuting ayeuna mah Jang, Nyai, tong di tembalan, cicing we, cek Ninina.
Peutingna, Nya kitu tea barudak teh di tanya deui, tapi ayeuna mah teu nembalan...
- Ma, ayeuna mah barudak teh geus sarare...
  Yu ah...... (tong dibayangkeun)
Der we, duka teuing kamana eta mah. Nga barudak mah ngadedempes we ngadedengekeun...
Anu kadenge ku budak mah ngan kaluar... kaluar ....keun.
Na celengkeng teh budak teh ngomong..
+ Ema, Bapak... Ujang ge hoyong kaluar......
-------------------------------------------
Marungkan naon?
Ah ieu mah banyol ti sunda.... hapunten bilih kirang sapagodos sareng manah baraya sadayana...
Ngan gambaran heureuy anu aya manfaatna.. Duka tah.

LALAMPAHAN ABAH SASTRA NGALA NANGKA

"Apal baraya sadaya ka Abah Sastra?"..... alah….!! Bah Sastra, barayana Mang Maman.....???"

"Pan garwana aya maksad hajat.....hajat badag ?", da malah nanggap wayang sagala….

Sabab Hajatna badag Abah Sastra kapaksa mangkat ka Majalaya maksadna ngala nangka kana kandaraan panjang. Barang nyampak ka Majalaya kasampak tangkal tangkana araraya, pan baraya apal tangkal nangka mah tara kamamana. Malah tangkal nangkana aya kana salapana sarta ararasak sagala…

Gancang Abah Sastra ngagalacat kana dahan badag….
Ngadak-ngadak Abah Sastra ngagakgak babarakatakan sabab nangkana ararasak, ”bagja..bagja...mamah...!!, pajarna. “Hajat badag bakal laksana….hahahaha….!”

Ngan ngadak-ngadak Abah Sastra ngagarawak….ragrag kana sawah saat....., gara-gara aya Hap-hap ngagarayam kana palangkakan Abah sastra. Garawak-garawak Abah Sastra katalangsara nangkarak na sawah saat kana dalapan ahadna.

Sabab Abah Sastra ngala nangkana lama, dalah kana dalapan ahadna, kadang warga, baraya sarta garwana mang-mang. Nya kapaksa mapag Abah Sastra ka Majalaya mapay-mapay sawah saat. Barang kasampak bah sastra nangkarak....

Garwana nanya, “Alah-alah abah!, naha malah nangkarak na sawah saat, baraya sarta tatangga mah mang-mang ka abah...?, sabab ngala nangkana lama”, tanya garwa Abah Sastra. “Alah-alah....! mamah, abah apal maksad abah ka majalaya ngala nangka, ngan abah rag-rag na tangkal nangka katalangsara gara-gara aya Hap-hap ngagarayam kana palangkakan abah...?" Jawab Abah Sastra. “Sangkana Hap-hap na palangakakan abah aya barayana... pan mamah...aaapal na palangakakan abah mah taya barayana Hap-hap.... ngan aya kadal badag...hanca mamah...?!”, jawab Abah Sastra.

Sabab Abah Sastra katalangsarana parna, nya kapaksa Abah Sastra tatamba ka Ranca Badak. Barang nyampak ka Ranca Badak pa Satpam nanya....walah-walah ada apa...???? alah gancang balangkarna bawa aya bapa-bapa katalangsara...mana parna sagala... !!!

SANGSARA PHOBIA

"Euceu...! pajarkeun teh salaki tas balik ti dayeuh...jigana mah angkaribung yeuh...", tanya bi Romlah tatanggana ceu Mila bangun nu panasaran.

"Enya balikna mah, ngan tinimbang babawaan seuseuhanan we jeung daki...", jawab ceu Mila nunjukeun semu ketus bari malik-malikeun popoean nu can garing. "Naha, pan batur oge pajarkeun teh balik ti dayeuh mah loba duitna, tuh..kang adang kabejakeun meuli Dipidi, (DVD. red) malah mah ceuk pamajikana mah rek kuriak deui ngahadean dapurna", tempas bi Romlah.

"Kuring mah sabenerna mah kesel kanu jadi salaki teh, euweuh kabecus neangan duit ge, teu jiga batur..., hutang we reuay, lamun nu jadi kolot teu ngabantuan mah pamohalan beungeut kudu di beton..!, ditagih ku warung jeung tukang kiridit", jawab ceu Romlah mudalkeun ka keselanana. "Mana budak 2 kabeukina jajan, si bungsu geuringan wae...dalah lamun teu era ku kolot mah hayang menta di ceraikeun...geus capek hirup susah teh!", tembal ceu Romlah.

"Sanajan beungeut salaki pantes ceuk batur, ari euweuh kagableg mah teu matak napsu ngalayanana oge, mending keneh nu biasa-biasa tapi bisa nyeunangkeun..., ilaharna kulawarga batur nu sakapeung sok jalan-jalan ka eumoll, (mall.red) tada temen ningali salaki kuring mah...bararaid kudu kikituan jigana teh?!", tambah ceuk Romlah katutuluyan. "Alus milik keneh jablay dari pada kuring jigana teh", ceu Romlah mungkas carita.


Astagfirulloh

BANYOL URANG SUNDA I

SALAH SANGKA
Kareta Api barang nyemprung ti wetan ka kulonkeun.
Kabeneran disisi rel nu deukeut ka station aya tukang
lotek keur ngebut-ngebut elap beureum na sabab
dagangannana geus beak kari samarana wungkul.

Ningali di hareup aya nu ngebut-ngebut lamak beureum,
Masinis ngerem kareta api da disangkana aya
bahaya. Terus nolol tina kaca jandela bari nanya ka
tukang lotek: "Aya naon, Bi?”….

"Teu aya nanaon, mung kantun samarana wungkul!"...


BEO PINTER
Tukang beo : “Mangga bilih bade digaleuh. Ieu mah tos capetang nyaritana.
Upami kubapa dibetot suku kencana, ieu beo bakal nyarita, "Wilujeng enjing, Pa!"

Upami kubapa dibetot suku katuhuna, nyaritana beda deui, "Wilujeng sonten, Pa!"

Mangga saha anu bade ngagaleuh!”
Nu rek Meuli : Upami sukuna di betot duanana, kumaha?
Beo anu ti tatadi ngadengekeun ujug-ujug pok
nyarita : Atuh rag-rag uingna, goblog!...


MIHAPE KUDA
Kusir: "Jang, mihape kuda sakeudeung. Emang rek ka cai heula."
Budak : "Ah alim, sieun nyongot."
Kusir : "Moal, da ieu mah kudana oge bageur."
Budak: "Sieun nyepak atuh."
Kusir: "Tara deuih. Kuda bageur."
Budak: "Moal ah, sieun kabur."
Kusir: "Ih, Si Ujang mah. Moal kabur, moal. Ceuk
Emang oge, kuda bageur."
Budak: "Ari kitu mah, naha atuh miwarang di tungguan ku abdi?"
 

Tidak ada komentar: