Jumat, Oktober 30, 2009

BANYOL Sunda 3

C U K O N G
Abah : “ ieu, kabogoh euis teh ? geuning awakna ceking matana cekung…”
Pi minantueun : “ sanajan badn ceking mata cekung, tapi kieu kieu ge sayah teh cukong, Bah.”
PERSONALIA
Cepot : “ pa dukun! Kuring tulungan supaya bisa asup digawe!”
Dukun : “ Gampang we nyarita teh! Memangna dukun teh bagian personalia?”
MORO
Wartawan : “ salila saderek jadi paninggaran, moro naon anu panghesena ?”
Paninggaran : “ Moro….popotongan!”
ELMU PARE
Aki Jumad keur ngagelendut wae mapatahan incu incuna
Aki Jumad : “ yeuh dak, ari hirup kudu ngelmu pare, geura pare mah beuki eusi teh beuki tungkul,”
Incu I : “ Sapertos Aki, nya ?”
Aki Jumad : “ Enya.”
Incu II : “ Muhun, sapertos Aki beuki sepuh teh beuki ….bongkok.”
Aki Jumad : “ Siah!”
PAMUDA JEUNG PAMUDI
Pamuda : “ Kanyaah Engkang ka Eulis moal aya bandingannana.”
Pemudi : “ Naon buktina ?”
Pemuda : “ Buktosna mah upami bade masihan artos atanapi naon bae, karaos teh sok teu weleh nyaah!”
LIEUR
Jang Komar : “ mang, aya surat keur kuring ?“
Tukang Pos : “ Saha kitu jenengan teh ?”
jang Komar : “ Atuh baca we dina alamatna!”
NO BON
Badu : “ Din, saha cing pamaen sepak bola anu tara nganjuk ?”
Udin : “ Teuing atuh euy, da urang mah tara merhatikeun sapopoena.”
Badu : “ Belegug maneh mah, nya nobon atuh, pemaen PSMS”
PASEN POHOAN
Hiji pasen, nelepon ka salahsaurang dokter.
Pasen : “ dok, abdi teh gaduh panyawat hilapan, tong boroning kajadian anu baheula, anu kamari oge, tos hilap deui, kumaha landongna Dok ?”
Dokter : “ kieu ayeuna mah, catet we heula, naon nu diucapkeun bieu, engke dipariksa.”
Pase : “ naon tea dok anu kudu dicatet teh ?”
BUBUY BULAN
Jajang : “ Ci, hebat nya. Urang amerika mah geus bisa ka bulan.”
Uci : “ nya…masih hebatan keneh Tati saleh atuh.”
Jajang : “ Na…kumaha kitu ?”
Uci : “ Ari urang amerika mah kakara bisa nincak bulan, Tati saleh mah geus bisa ngabubuy bulan.”

Tidak ada komentar: