Kamis, Oktober 22, 2009

Khutbah Idul Adha


BERKORBAN KANGGO NANJEURKEUN AGAMA ISLAM KHILAFAH ANU KAFAH
اللهُ أكْبَرُ × 9
اللهُ أَكْبَرُ كَبِيرًا وَالْحَمْدُ لِلَّهِ كَثِيرًا وَسُبْحَانَ اللَّهِ بُكْرَةً وَأَصِيلاً، لاَ إِلَهَ إِلاًّ اللهُ وَلاَ نَعْبُدُ إِلاَّ إِيَّاهُ مُخْلِصِينَ لَهُ الدِّينَ وَلَوْ كَرِهَ الْكَافِرُونَ، لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ صَدَقَ وَعْدَهُ وَنَصَرَ عَبْدَهُ وَهَزَمَ الأَحْزَابَ وَحْدَهُ، لاَ إِلَهَ إِلاًّ اللهُ اللهُ أكْبَرُ، الله أكبر وَللهِ الْحَمْدُ.
اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِيْ إِيَّاهُ نَعْبُدُ وَلَهُ نُصَلِّى وَنَسْجُدُ وَإِلَيْهِ نَسْعَى وَنَحْفِدُ، نَرْجُوْ رَحْمَتَهُ وَنَخْشَى عَذَابَهُ إِنَّ عَذَابَهُ الْجِدَّ بِالْكُفَّارِ مُلْحَقٌ. أَشْهَدُ ألاَّ إِلَهَ إِلاًّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ وأَشْهَدُ أنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ. اللهم صَلِّ وسَلِّمْ عَلَى مَنْ سَنَّ بِقَوْلِهِ: «أَيُّهَا النَّاسُ، إِنَّ دِمَاءَكُمْ وَأَمْوَالَكُمْ حَرَامٌ عَلَيْكُمْ كَحُرْمَةِ يَوْمِكُمْ هَذَا فِي شَهْرِكُمْ هَذَا فِي بَلَدِكُمْ هَذَا أَلاًَ كُلُّ شَيْءٍ مِنْ أَمْرِ الْجَاهِلِيَّةِ تَحْتَ قَدَمَيَّ مَوْضُـوعٌ»، وَعَلىَ آلِهِ وَأصْحَابِهِ وَمَنْ وَالاَهُ..
أما بعد، أيُّهَا النَّاسُ اتَّقُوا رَبَّكُمْ وَاخْشَوْا يَوْمًا لاَ يَجْزِي وَالِدٌ عَنْ وَلَدِهِ وَلاَ مَوْلُودٌ هُوَ جَازٍ عَنْ وَالِدِهِ شَيْئًا إِنَّ وَعْدَ اللهِ حَقٌّ فَلاَ تَغُرَّنَّكُمُ الْحَيَاةُ الدُّنْيَا وَلاَ يَغُرَّنَّكُمْ بِاللهِ الْغَرُورُ،
Allâhu Akbar 9X, Lâ ilâha illaLlâhu HuwaLlâhu Akbar, Allâhu Akbar WaliLlâhilhamd.
Ma’âsyiral Muslimîn RahimakumuLlâh,
Alhamdulillâhi Rabbi al-âlamîn, sadaya fuji urang sanggakeun ka khadirat Allah Swt, pangeran anu Maha nyiptakeun, anu miboga tur ngurus alam sareng pangeusi. Hiji-hijina pangeran anu wajib disembah nya sareng Allah anu parantos nga anugrahkeun pituduh anu lempeng, sareng risalah anu adil sampurna nyaeta Islam anu janten pameungkeut kayakinan urang sadayana.
Shalawat sareng kasalametan mudah-mudahan salamina dilimpahkeun ka sayyid al-anbiyâ wa al-mursalîn, Rasulullah Saw, ka na, para shahabatna, sareng sadaya umat anu nurut tur miconto kana Sunahna sareng anu bajoang henteu manggihan kacape kanggo nyebarkeun risalah Islam ka sadaya juru dunya dugi akhir zaman.amin.
Allâhu Akbar 3X, WaliLlâhilhamd
Ma’âsyira al-Muslimîn Rahimakumullâh,
Dina unggal dintenan idul adha, urang sadayana sok diemutkeun kana salah sawios kisah perkawis kataatan Nabi Ibrohim as sareng putrana, Nabi Ismail as. Dina ngalaksanakeunparentah Allah Swt. Dina waktos Nabi Ibrahim as diparentahkeun kanggo meuncit anu janten putrana,dua nana sami taatna ka Allah malihan langsung ngalaksanakeunkana parentah Allah eta. Henteu katingal aya karaguan, komo deui sikap nolak kana eta parentah. Duanana kalayan ikhlas ngalaksanakeuneta parentah Allah ku ngaikhaskeun putra anu dipikacintana. Ibrohim ngurbankeun putra buah hate anu dipikanyaahna sarta Ismail ridho kalengitan nyawana. Kajantenan anu langki ieu teh dugika di abadikeun dina al-quran sangkan janten tuladan sareng pangemut-emut kanggo manusa sapanyang masa. Allah Swt ngadawuh:
فَلَمَّا بَلَغَ مَعَهُ السَّعْيَ قَالَ يَابُنَيَّ إِنِّي أَرَى فِي الْمَنَامِ أَنِّي أَذْبَحُكَ فَانْظُرْ مَاذَا تَرَى قَالَ يَاأَبَتِ افْعَلْ مَا تُؤْمَرُ سَتَجِدُنِي إِنْ شَاءَ اللهُ مِنَ الصَّابِرِينَ
Mangka dina waktos eta budak tos cukup umur kanggo usaha sareng Ibrohim anu janten ramana, Ibrahim nyarios: “yeuh anaking saestuna kaula ngimpi ningal meuncit anjeun, anurutkeun anjeun kuMaha? Ismail ngawaler: “Rama, laksanakeunnaon bae anu diparentahkeun ka rama, insya Allah rama baris menakan abdi jalmi anusabar.” (TQS. al-Shaffat [37]: 102).
Pangorbanan anu kuar biasa eta akhirna ngadatangkeun hasil, dina waktos kataatanate Nabi tos bukti,parentah meuncitna ge dibatalkeun ku Allah.pkanggo gantina Allah ngagantina ku parentah mencit sato. Margi aranjeunna tos lulus tina al-balâ’ al-mubîn (ujian anu nyata), akhirna eta Nabi balasan anu kalintang geudeuna, sakumahapidawuh Allah dina Al-quran:
فَلَمَّا أَسْلَمَا وَتَلَّهُ لِلْجَبِينِ، وَنَادَيْنَاهُ أَنْ يَاإِبْرَاهِيمُ، قَدْ صَدَّقْتَ الرُّؤْيَا إِنَّا كَذَلِكَ نَجْزِي الْمُحْسِنِينَ، إِنَّ هَذَا لَهُوَ الْبَلَاءُ الْمُبِينُ، وَفَدَيْنَاهُ بِذِبْحٍ عَظِيمٍ
Dinawaktos duanana tos pasrah sarta Ibrohim tos ngagolerkeun anu janten putrana tempat pamincitan pelipis(nya), (katinggal jelas kasabaran duanana)tuluy Kami ngagero ka Ibrohim: “wahai Ibrahim, saestuna anjeun tos ngalereskeun kana eta impian saestuna kitu pisan kaula masihan balesan kanggo jalmi anu ngalaksanakeun kahadean.saestuna hal ieu leres-leres hiji ujian anu nyata.tuluy kaula ganti eta budak ku kusato peuncihenteun anu kalintang ageungna (TQS. Shaffat [37]: 103-107).

Allâhu Akbar 3X, WaliLlâhilhamd
Ma’âsyira al-Muslimîn Rahimakumullâh,
Kataatan, kapatuhan,sarta pangorbanan aranjeuna, sakedahna janten tuladan anu hade kanggo urang sadayana, sakumahaNabi Ibrahim as, ngabogaan margiaraha kawajiban anu kedah ditedunan. Kanggo urang eta kawajiban teh sarua nyaeta al-balâ’ al-mubîn atanapi(ujian anu nyata). Singsaha wae anu sadia tur patuh ngalaksanakeuneta kawajiban, mangka aranjeunna nyaeta jalmi-jalmi anusukses tur salamet. Sarta sabalikna jalmi anuhenteu anurut kana eta parentah nya nya aranjeunna anugagal tur cilaka. Naudzublahimindzalik.
Tina sanes kara kawajibanana nyaeta kawajiban kanggo ngalarapkeun syariah Islam dina kahirupan urang sadayana.. Sakumaha pidawuh Allah Swt dina Al-quran:
وَأَنِ احْكُمْ بَيْنَهُمْ بِمَا أَنْزَلَ اللهُ وَلاَ تَتَّبِعْ أَهْوَاءَهُمْ وَاحْذَرْهُمْ أَنْ يَفْتِنُوكَ عَنْ بَعْضِ مَا أَنْزَلَ اللهُ إِلَيْكَ
Sareng sakedahna aranjeun mutuskeun hiji perkawis anurutkeun kana anu diturunkeun ku Allah,ulah sampe aranjeun anuturkeun kana hawa nafsu aranjeunna..sareng kedah hati-hatiaranjeun kabeh ka aranjeunna,sangkan aranjeunna henhenteu malingkeun aranjeun tina saban hl anutos diturnkeun ku Allah ka aranjeun (QS. al-Maidah [5]: 49).
Panggero anu sarupa oge seueur dina ayat anu sanesna sareng dina hadist. Eta kawajiban diperjelas ku ayana larangan kanggo umat muslim ngalarapkeun hiji hukum anu henteu diturunkeun ku Allah, mangka seug upami keukeuh ngalarapkeun salian tina hukum Islam tiasa dikategorikeun tina salah sahiji kamungkinan: dzalim, atau fasik (QS al-Maidah [5]: 44, 45, dan 47).
Syariah anu diwajibkeun ka urang sadayana ngandung sifat anu total sareng ngawengku sadaya aspek kahirupan boh eta anu ngangkut hubungan manusa sareng pangeranana mangrupi hukum-hukum ibadah; sareng hubungan manusa sareng dirina anu mangrupi hukum-hukum kadaharan, pakean sareng akhlak; kitu sareng hubungan diantawis sasama manusa, anu ngawengku widang pamarentahan,widang ekonomi, cara ngahiji, strategi pendidikan, politik luar nageri; sareng uqubatanu mangrupi katangtosan-katangtosan kanggo masihan hukuman kana saneskanten perilaku kriminal.
Eta syariah anu ngawengku sadaya aspek kahirupan teh wajib hukumna ku urang dilarapkeun sarta kedah sadayana ulah diwilah-wilah saban hiji sareng margi padamelan iman kana sabagian syariah sarta kufur kana sabagian anu sanesna, hal eta baris ngadatangkeun kahinaan didunya sarta adzab anu peurih engke di ahirat. Allah Swt ngadawuh:
أَفَتُؤْمِنُونَ بِبَعْضِ الْكِتَابِ وَتَكْفُرُونَ بِبَعْضٍ فَمَا جَزَاءُ مَنْ يَفْعَلُ ذَلِكَ مِنْكُمْ إِلَّا خِزْيٌ فِي الْحَيَاةِ الدُّنْيَا وَيَوْمَ الْقِيَامَةِ يُرَدُّونَ إِلَى أَشَدِّ الْعَذَابِ وَمَا اللَّهُ بِغَافِلٍ عَمَّا تَعْمَلُونَ
Naha anjeun percaya kana sabagian sarta kufur kana sabagian anu laina? henteu aya balasan anu cocok kanggo jalmi anu saperti kitu salain kanistaan didunya sarta engke diakherat maranehna baris dibalikeun kana siksa anu kalintang abotna. (TQS. al-Baqarah [2]: 85).

Allâhu Akbar 3X, WaliLlâhilhamd
Ma’âsyira al-Muslimîn Rahimakumullâh,
Di antawis hukum-hukum eta aya anu langsung ditugaskeun ka pribadi sewang-sewangan kanggo ngalaksanakeunana diantawisna parentah shalat, zakat, puasa, haji, sareng ibadah-ibadah anu sanesna. Kitu deui hukum-hukum anu ngatur perkawis katuangan,raksukan, akhlak, sarta sapalih tina hukum muamalah. Namung aya oge hukum-hukum anu ditugaskeun kanagara kanggo ngalarapkeunana.diantawisna nyaeta hukum-hukum ngeunaan sistem pamarentahan, sistem ekonomi, sistem pergaulan, strategi pendidikan, sarta politik luar nageri. Sareng anu ngeunaan mangrupi-rupi katangtosan-katangtosan kanggo masihan hukuman kana saneskanten prilaku kriminal. Eta hukum sadayana wajib dilarapkeun ku nagara.
Didasarkeun kana hal-hal anu di dugikeun diluhur mangka ngawujudna hiji nagara anu ngajalankeun kana syariah eta wajib ayana, margi tanpa aya nagara atanapi daulah, niscaya baris seueur syariah anu baris terlantar. Dina kaidah ushul fiqh ditetelakeun:
مَا لاَ يَتِمُ الْوَاجِبُ إِلاَّ بِِِهِ فَهُوَ وَاجِبٌ
saneskara, anu kawajibana henteu sampurna kajaba ku hal eta, mangka perkawis eta janten wajib hukumna.
Sapertos dina sajarah saparantos khilafah Utsmaniyyah runtuh dina taun 1924, henteu aya deui hiji lembaga anu tanggung waler ngalarapkeun syariah sacara total. Akibatna, tina sabagian eta syariah janten henteu larap malih henteu dipirosea. Sok sanaos dilarapkeun mung sabatas ku perorangan atanapi kelompok wungkul.
Hal ieu mangrupi hiji masalah anu kalintang ageung tur serius anu nuju dipayunan ku sadaya umat Islam.lengitna khilafah tos ngalantarankeun runtuhna kakuatan Islam sarta ngalemahkeun syariah. Sanes wungkul hal eta hancurna khilafah tos ngakibatkeun umat Islam janten papirak kabagi janten lima puluh Nagara. Henteu aya deui lembaga anu kuat kanggo ngurus aqidah umat muslim, anu ngajaga getihna, hartana, sarta kahormatanana. Sareng anu ngajaga wilayahna tina serangan nagara kafir anu sok ngajajah.

Allâhu Akbar 3X, WaliLlâhilhamd
Ma’âsyira al-Muslimîn Rahimakumullâh,
Ayana dalil anu jelas kanggo ngawangun nagara khilafah, rupa-rupa masalah alatan henteu ayana nagara khilafah sareng katingal. Namung masih seueur umat muslim anuhenteu yakin ku nanjeurna agara . malih aya sareng anu kasiunan ku ngadegna kakhilafahan.
Hal eta mangrupikeun sikap anukalintang kaliru.Ngadegna syariah sarta nagara khilafah sanes hal anumustahil baris laksana margi syariah sareng khilafah mangrupi kawajiban anuditugaskeun ka umat anungabdi ka Allah. Sareng henteu mungkin Allah anugaskeun hal anudiluar kasanggup manusa.mangka kasadaya umat muslim anuanumikahoyong ngadegna nagara khilafah, didieu timbul mangrupi hiji ujian kaimanan sareng kataqwaan urang ka Allah, upami mah iman urang kuat mangka urang baris bajoan kanggo ngadeng sarta najejeurkeun agama Islam anusyariah. nsareng dina prosesna eryogikeun perjuangan anutuluy-tuluyan sarta taya keundatna kanggo ngaropea cacat-cacat anu aya dina syariah anu ayeuna aya.
Upami urang ninggal kana sajarah kapengker. Tikawit Rosul dakwah kanggo ngadegkeun nagara Di Madinah dugika ngadegna meryogikeun waktos kirang langkung salami 13 tahun.salami eta sareng Rosul istiqomah ngadugikeun dakwahna.tikawit akidah, dugi kawajiban kanggo ngakarapkeun syariah.kitu sareng para sahabat, anutetep dakwah sok sanaos sering nampi rupa-rupa cobian, fitnah, sareng tekanananu mangrupi fisik kitu sareng mental. Hal eta henteu ngalantarankeun runtuhna tekad sareng niat kanggo ngalarapkeun syariah Islam dgi ka leres-leres ngawujud.
Meanurut sajarah dina waktos Rosul dakwah, henteu sakedik anjeuna keunging hinaan sareng cercaan ti para kafir qurays, malihan mantena kantos dibaledogan ku tai onta, malihan waktos dakwah di thaif Rusul kantos dibaledogan batu dugika baloboran getih, hal eta henteu matak Rosul eurueun dakwah namung semangatna mAllah janten langkung ageung.
Kagigihan sareng semangat anu ageung ngajantenkeun j\hasil anukalintang angungna, didunya nagara khilafah anu murni syariah nyata kawangun, sareng diakhirat tos di sayogikeun nikmat surga margi tos bajooang dijalan Allah kanggo nanjeurkeun agama Islam anukuat syariahna. Malihan dina waktos anu mung sakedap Islam nyebar kasakuliah dunya.

Allâhu Akbar 3X, WaliLlâhilhamd
Ma’âsyira al-Muslimîn Rahimakumullâh,
Kapatuhan ka Allah Swt sareng ngalaksanakeunsadaya rupi parentahna memang meryogikeun pangorbanan, boh eta korban waktos, tanaga,harta sareng jiwa. Namung hal eta baris ngadatangkeun hasil anuhenteu disangki-sangki. Allah baris ngucurkeun pitulung-Na kajalmi-jalmi anuleres-leres bajoangna. Sakumahadawuhanana.
يَاأَيُّهَا الَّذِينَ ءَامَنُوا إِنْ تَنْصُرُوا اللَّهَ يَنْصُرْكُمْ وَيُثَبِّتْ أَقْدَامَكُمْ
Yeuh jalmi-jalmi anuariman, upamimah anjeun anulungan (agama) Allah, mangka saestuna Allah baris masihan pitulung sareng masihan kadudukan (TQS. Muhammad [47]: 7).
Upami ninggal janji Allah anusapertos kitu mangka urang tos henteu kedah risi sareng ragu deui. Margi pitulung saestuna mung aya dina kakawasaan Allah Swt. Moal lungsur tanpa ijin-Na (QS Ali ‘Imran [3]: 126, al-Mulk [67]: 20, al-Kahfi [18]: 43). Mangka sing saha anukenging pitulung ti Allah moal aya anutiasa ngahalanganana, Sawalerna saupami Allah seja ngahinakeun hiji jalmi mangka moal aya anutiasa anulunganana.pidawuh Allah:
إِنْ يَنْصُرْكُمُ اللَّهُ فَلَا غَالِبَ لَكُمْ وَإِنْ يَخْذُلْكُمْ فَمَنْ ذَا الَّذِي يَنْصُرُكُمْ مِنْ بَعْدِهِ وَعَلَى اللَّهِ فَلْيَتَوَكَّلِ الْمُؤْمِنُونَ
Upami Allah anulungan anjeun, , mangka moal aya jalmi anubaris ngahalanganana;sareng upami Allah ngantepkeun anjeun (henteu maihan pitulung mangka saha anubaris masihan pitulung kajaba Allah? Kumargi kitu mung ka Allah jalmi anuiman tawakal. (TQS. Ali ‘Imran : 160).

Allâhu Akbar 3X, WaliLlâhilhamd
Ma’âsyira al-Muslimîn Rahimakumullâh,
Khilafah insya Allah baris ngadeg, sok sanaos jalmi-jalmi anukafir ngahalangan namung aranjeunna baris sia-sia. Margi ngadegna khilafah tos janten janji Allah Swt sareng Rosululoh Saw. Sakumahajanji Allah dina al-quran:
وَعَدَ اللهُ الَّذِينَ ءَامَنُوا مِنْكُمْ وَعَمِلُوا الصَّالِحَاتِ لَيَسْتَخْلِفَنَّهُمْ فِي اْلأَرْضِ كَمَا اسْتَخْلَفَ الَّذِينَ مِنْ قَبْلِهِمْ وَلَيُمَكِّنَنَّ لَهُمْ دِينَهُمُ الَّذِي ارْتَضَى لَهُمْ وَلَيُبَدِّلَنَّهُمْ مِنْ بَعْدِ خَوْفِهِمْ أَمْنًا يَعْبُدُونَنِي لاَ يُشْرِكُونَ بِي شَيْئًا وَمَنْ كَفَرَ بَعْدَ ذَلِكَ فَأُولَئِكَ هُمُ الْفَاسِقُونَ
Sareng Allah tos janji ka jalmi-jalmi anuariman dinatara aranjeun sarta anumidamel amal, wireh Allah leres-leres baris ngajantenkeun aranjeuna kawasa di muka bumi,sakumahakawasana jalmi-jalmi sahenteuacan aranjeuna.sareng Allah baris nguatkeun agama anudipika ridho-Nakanggo aranjeunna .sarenga Allah anubaris ngarubah kaayaan aranjeunna, saatos aranjeunna dilimpudan ku karisi janten pianuh ku kaamanan sareng katentreman. Aranjeuna baris tetep nyembah ka Allah sarta henteu nyakutukeun sareng anusanesna sareng.sareng sing saha bae anutetep kafir saatos janji eta turun, nya aranjeunna pisan jalmi-jalmi anufasek.. (TQS. An-Anuur [24]: 55).
Rasulullah Saw sareng netelakeun:
«ثُمَّ تَكُونُ خِلاَفَةً عَلَى مِنْهَاجِ النُّبُوَّةِ»
Mangka salajengna baris datang khilafah anuanuturkeun manhaj kaNabian (HR Ahmad).
Allâhu Akbar 3X, WaliLlâhilhamd
Ma’âsyira al-Muslimîn Rahimakumullâh,

Tidak ada komentar: