Jumat, Oktober 30, 2009

BANYOL Urang Sunda 2

Munding Kageleng

A : " Aya naon Pak ?" ceuk hiji panumpang kareta api anu ngadadak direm.
B : " Eta Cep, nubruk munding..." jawab Kondektur.
A : " Naha mundingna kitu Pa, anu ngahalangan dina rel."
B : " Ah, henteu, kareta apina anu ngudag munding dugi ka sawah! ". Jawab Kondektur Keuheul.
Photobucket

Elmu Pare

Aki Jumad Keur ngagelendut wae mapatahan incu-incuna.
Aki : Yeuh dak, ari hirup kudu ngelmu pare. Geura, pare mah beuki eusi teh beuki tungkul.
Incu I : Sapertos Aki, nya ?
Aki : Enya.
Incu II : Muhun, sapertos Aki beuki sepuh beuki.....bongkok.
Aki : Siah!

Hakan

Waktu Udi keur ngadaweung diburuan, lar aya tukang sapatu ngaliwat.
Udi : Maaang...! Panga-hakkankeun sapatu!
Tk. Sol : Lebok bae ku siaaaa!

Tidak ada komentar: